nga-ruuapp
pagéto teu jiga baréto
baréto leuwih lawas ti kamari
baréto ukur jadi saksi
baréto moal bisa balik jadi kiwari
tetep bihari!
suwwérrr
lain rek nyawér
ukur hayang ngajéwér
lampah runtah nu awuntah
summmpahhh
lain niat nyacampah
diusahakeun moal gagabah
ngajéwér laku runtah nu ngadabah rucah
tapi euy..
geuning hese ngaroroés hayang bérés téh
di gagamah waé jalma saésé
nu békingna sakadang adikawasa jagat
beulah kulon!
susah!